PENGABDIAN MASYARAKAT
SOAL PAT KELAS 10 / 11 BASA SUNDA
KELAS 10
I.
Pilih jawaban anu bener ku cara nyakra (x) dina salasahiji kolom
lambaran jawaban anu geus disadiakeun.
1.
Tanya jawab langsung pikeun
ngajaring informasi ti narasumber disebutna ….
A.
Paguneman D. konferénsi
B.
Wawancara É. seminar
C.
Sawala
2.
Ieu di handap anu henteu kaasup kana
cara wawancara, nyeta wawancara …
A.
Mandiri D. kauger
B.
Kelompok É.
teu resmi
C.
Konferénsi
3.
Kagiatan wawancara anu pananyana teu
dirumuskeun heula ku pawawancara disebutna wawancara ….
A.
Bébas kauger D.
madyakauger
B.
Kauger É. bébas
C.
Madyabébas
4.
Kalimah pananya dina wawancara bisa
ngagunakeun kecap pananya 5W+1H, anu ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi
kecap-kecap :
A.
Naon, mana, saha, kusaha, naon sababna,
kumaha
B.
Mana, di mana, ka mana, iraha, ku
naon, kumaha
C.
Saha, naon, iraha, di mana, naha,
kumaha
D.
Saha, naon, mana, iraha, naon
sababna, kumaha
E.
Saha, ku saha, ti saha, di saha, ka
saha, keur saha
5.
Kalimah pananya “Kumaha sumbangan
dalang kana atikan?” miharep jawaban ngeunaan …..
A.
Pangaruh dalang kana atikan D.
peranan dalang anu bisa jadi pangatik
B.
Kaayaan kamekaran dalang É. dalang jeung
pangatik téh sarua
C.
Undakna ajén atikan
6.
Ieu di handap henteu kaasup nu sok
ngayakeun wawancara, nyaéta ….
A.
Nu ngetés calon pagawé D. pulisi
B.
Wartawan É.
padagang
C.
Panalungtik
7.
Ieu di handap anu henteu kaasup kana
ciri-ciri kalimah pananya, nyaéta …..
A.
Ditungtungan ku tanda pananya D. miharep responsi anu
mangrupa jawaban
B.
Diwangun tina kalimah wawaran É. miharep responsi nu mang
rupa tindakan
C.
Ngandung kecap pananya
8.
Ieu di handap nu teu kaasup kana
adegan wawancara, nyaéta ….
A.
Bubuka D. salam
B.
Pamungkas É. pananya
C.
Eusi
9.
Ieu di handap anu lain tujuan
(udagan) tina wawancara, nyaéta ….
A.
Mastikeun bener henteuna kajadian
atawa sok disebut ogé aktualitas fakta
B.
Nyangking pamadegan resmi ti
narasumber
C.
Konfirmasi keur babandingan data
D.
Ngéra-ngéra jalma nu diwawancara
E.
Ngajaring informasi ti narasumber
10. Carita atawa dongéng anu ngandung unsur sajarah lokal disebutna …..
A.
Mitos D. sagé
B.
Légenda É. parabel
C.
Babad
11. Karajaan munggran di Jawa Barat, nyaéta ….
A.
Tarumanagara D. Salakanagara
B.
Sunda Sembawa É. Kawali
C.
Galuh
12. Kolotna nini atawa aki urang disebutna ….
A.
Bao D.
udeg-udeg
B.
Buyut É. kait siwur
C.
Janggawareng
13. Tokoh Siliwangi dina sajarah Sunda kaasup tokoh anu ngadegkeun
Karajaan ….
A.
Sunda D. Kawali
B.
Galuh É. Salakanagara
C.
Pajajaran
14. Sabada Karajaan Sunda Salakanagara runtag, muncul Karajaan
Tarumanagara. Raja anu munggaran …..
A.
Darmayawarman D.
Jayasingawarman
B.
Purnawarman E. Suryawarman
C.
Dewamurti
15. Karajaan Galuh raja nu munggaran nyaeta ..
A.
Mandiminyak D. Manarah
B.
Welengan E.
Tariwulan
C.
Wretikandayun
16. Sabada Karajaan Galuh rungkad, dituluykeun ku Karajaan Sunda kalawan
raja anu munggaran …
A.
Tarusbawa D. Sanjaya
B.
Mangkubumi E. Prabu
Gilingwesi
C.
Pucukbumi
17. Karajaan Pakuan jeung Karajaan Kawali dihijikeun jadi Karajaan …
A.
Sunda D.
Galuh
B.
Salakanagara E. Tarumanagara
C.
Pajajaran
18. Karajaan Pakuan Pajajaran raja anu munggaran nyaeta ….
A.
Siliwangi D.
Mundinglaya
B.
Surawisesa E.
Dewatabuana
C.
Nilakebdra
19. Rundayan atawa turunan dina pancakaki anu maksudna turunan ka hiji
nyaeta …
A.
Bao D.
Butut
B.
Anak E.
Bapa
C.
Incu
20. Salasahiji karya sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran
(puisi), tapi teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan
jeung jumlah padalisan dina saban pada disebutna….
A.
Pupuh D. Sisindiran
B.
Sajak É. Wawangsalan
C.
Guguritan
21. Ieu di handap anu teu kaasup kana adegan batin sajak, nyaéta ….
A.
Téma D. Wirahma
B.
Rasa É. Amanat
C.
Nada
22. Padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung
ungkara kalimah disebutna ….
A.
Gaya basa D. Wirahma
B.
Kecap nyata É. Wirasa
C.
Purwakanti
23. Kalimah di handap ieu anu ngandung harti konotatif, nyaéta ….
A.
Adang sok maju ka hareup !
B.
Wa Haji teh ayeuna mah geus maju
dagangna.
C.
Sok geura maju, ulah cicing waé di
tukang !
D.
Ari geus maju mah, manehna teh wani nincak sagala.
E.
Mobil anyar teh maju mani gancang
24. Tengetan ieu sajak !
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti énjing dugi ka
sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(Dicutat tina Tepung di Bandung,…:…)
Saking mikacintana alam Priangan, panyajak nepi ka nyebut ……
A.
mojang lenjang D. pangkonan
B.
srangéngé É.
jungjunan
C.
bulan
25. Harti kecap nu sabenerna, nu aya dina kamus disebut harti kecap
....
A.
Konotatif D. Asli
B.
Réprésentatif É. Palsu
C.
Dénotatif
26. Di handap ieu conto kecap nu mibanda harti konotatif , iwal
....
A.
Nénéng mah kembang di lemburna.
B.
Kembang keur meujeuhna mangkak diburuan.
C.
Béntang lapangan sépak bola ti Brasil pada mikaresep.
D.
Dudung béntang di sakolana.
E.
Loba jelema nu marebutkeun korsi di DPR.
27. Gaya basa dina rumpaka kawih téh bisa ngabalukarkeun ayana harti
konotatif. Ieu di handap anu kaasup kana gaya basa, nyaéta …..
A.
mijalma D. diksi
B.
purwakanti É. tipografi
C.
imaji
28. Lamun ditingali tina jumlah jajaran jeung purwakantina, lagu “és lilin”
téh disusun dina wangun ….
A.
paparikan D. papantunan
B.
rarakitan É. tatarucingan
C.
wawangsalan
29. Baca rumpaka kawih ieu!
És lilin mah, aduh, dikalapaan,
dibatun mah, geuning, ka Sukajadi,
abdi isin, geuning, samar kaduga,
sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi.
Purwakanti dina rumpaka di luhur, nyaéta ….
A.
é-d-a-s D.a-i-a-i
B.
da-di-ga-di É. m-s-k-ng
C.
muda-Sukajadi-kaduga-ngajadi
30. Eusi pada kahiji rumpaka kawih “Es Lilin”, nyaéta …..
A.
És Lilin dijieunna tina kalapa muda D.
Sieun teu jadi dibawa ka Sukajadi
B.
És lilin dijual ka Sukajadi E. Abdi isin
sieun teu jadi
C.
Abdi isin samar kaduga sabab sieun
teu ngajadi
31. Carita anu diwangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung
unsur-unsur pamohalan disebutna ….
A.
carpon D.
biografi
B.
dongéng É.
fiksimini
C.
skétsa
32. Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti
kitu kaasup kana dongéng ….
A.
farabel D.
mité
B.
légenda É.
babad
C.
sagé
33. Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng , nyaéta ….
A.
sakabéh eusi caritana bohong D.
ngandung unsur-unsur pamohalan
B.
teu jelas nu ngarangna (anonim) É.
awalna kagolong kana sastra lisan
C.
sumberna tatalépa sacara lisan
34. Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi
séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaéta ….
A.
téma D.
galur
B.
palaku É.
latar
C.
purwakanti
35. Ieu di handap anu kaasup kana kalimah pangharepan, nyaéta …..
A.
Muga-muga waé rencana urang bisa
laksana!
B.
Sigana mah ulah indit anyeuna, bisi
macét!
C.
Hayu urang rencanakeun wé nu leuwih
asak!
D.
E. Tiasa nyuhunkeun cai!
E.
Jung baé ti heula, kuring mah aya
perlu heula!
36. “Punten Wan, pang nyandakkeun buku basa Sunda dina kantong!”. Nilik
kana gunana, éta kalimah téh kaasup kana kalimah ….
A.
paménta D.
pangjurung
B.
panitah É.
pangwawadi
C.
panyarék
37. Ieu di handap mangrupa kecap-kecap anu ilahar dipaké dina kalimah
paréntah, iwal ….
A.
Mangga D. wah
B.
cing É.
hayu
C.
punten
38. Ieu di handap omongan anu henteu kaasup kana kalimah paréntah,
nyaéta ….
A.
Sampurasun! D.
Antosan sakedap, nya!
B.
Mangga ka lebet! É.
Rampés
C.
Teu kénging calik di dinya!
39. Hal-hal atawa aktivitas anu dipilampah ku urang dina hiji waktu di
tempat nu tangtu disebutna ….
A.
diajar D.
peristiwa
B.
kagiatan É.
pangalaman
C.
kajadian
40. Aya jalma anu parigel dina biantara nepi ka jadi ahli biantara.
Jalma anu ahli dina biantara disebutna ….
A.
kutaror D. koruptor
B.
moderator É. Orator
C.
koléktor
II.
Jawab ogé garap soal-soal uréyan di handap ieu ku tulisan anu
jelas, nyorang kana kekecrak kaidah basa Sunda anu hadé.
1.
Hal-hal naon waé anu kudu diéstokeun lamun urang rék ngawawancara ?
2.
Naon ari pancakaki téh ?
3.
Dina dasarna aya opat rupa wangun aksara Sunda, sebutkeun
hiji-hijina !
4.
Naon bédana sajak épik jeung sajak lirik ?
5.
Sebutkeun naon waé anu kaasup kana adegan lahir jeung adegan batin
dina sajak !
https://www.scribd.com/document/731761171/Basa-Sunda-X-XI-PAT-23-24
KELAS 11
I. Pilih jawaban
anu bener ku cara nyakra (x) dina salasahiji kolom lambaran jawaban anu geus
disadiakeun.
1.
Iber perkara hiji kajadian atawa
hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan disebut ….
A.
Béwara D.
warta
B.
Iklan É.
amanat
C.
Medsos
2.
Gambaran kajadian anu ditepikeun
dina waruga warta ilaharna bisa dipaké ngajawab pananya …
A.
Naon, ku naon, tina naon, ku saha,
ti saha, ka saha
B.
Saha, naon, iraha, di mana, naha,
kumaha
C.
Iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di
mana, ka mana, ti mana
D.
Naon, ku naon, saha, ku saha, mana,
di mana
E.
Mana, nu mana, di mana, ti mana, ka
mana, belah mana
3.
Naskah siaran teu menang ngahina
sual SARA. Ieu di handap anu lain panjangna tina SARA, nyaéta ….
A.
Suku D.
rasa
B.
Agama É.
antargolongan
C.
Ras
4. Anu disebut léad dina warta teh , nyaéta ….
A.
Judul warta D.
pamungkas warta
B.
Bubuka warta É. nu nulis
warta
C.
Waruga warta
5. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung ajén
warta, nyaéta ….
A.
Waktu (timeliness) D.
konflik (conflict)
B.
Anéh (the unusual) É.
pawarta
C.
Aya patalina jeung kahirupan balaréa
(significance)
6. Pikeun nanyakeun “kaayaan” ilaharna digunakeun kecap pananya
….
A.
Naon D.
naha
B.
Mana É.
naon sabab
C.
Kumaha
7. Ieu di handap anu lain padika atawa tatakrama siaran dina radio,
nyaéta kudu ….
A.
Nataharkeun heulanaskah keur siaran
, ulah nyinggung SARA
B.
Paham kana eusi naskah
C.
Latihan vokal (sora)
D.
Maké basa anu etis (sopan, bener,
tur merenah)
E.
Make baju anu alus tur serasi
8. Hal-hal anu henteu kaasup kana padika maca naskah warta, nyaéta
kudu ….
A.
Bisa maca naskah warta
B.
Alus peta jeung dangdanan (mun dina
TV)
C.
Marhmay (mun dina radio)
D.
Alus artikulasi, lentong, jeda,
jeung ngoncrang sora
E.
Keuna dina cara diuk jeung maké mik
9. Karangan rekaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur
alur caritana ngarancabang (kompleks) disebut ….
A.
Carpon D.
dongeng
B.
Cartibag É.
novel
C.
Hikayat
10. Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel, nyaéta ….
A.
Karangan nonfiksi D.
latarna laluasa
B.
Tokohna loba É. alurna
panjang
C.
eusi caritana nyaritakeun kahirupan
sapopoe
11. “Manehna geus jadi nonoman anu keur meujeuhna buta tulang buta
daging.” Paribasa keur meujeuhna buta tulang buta daging dina eta
kalimah ngandung harti keur meujeuhna ….
A.
Dipiara hadé-hadé D.
gedé napsu hirup di dunya
B.
Beuki dahar É. hésé mun
dititah
C.
Daekan mun dititah
12. “Kabeneran wae harita taya nu nganyahoankeun, waktu Akang
keur adu regeng teh.” Omong Si Jabon. Kecap nyanyahoankeun dina kalimah
di luhur ngandung harti ….
A.
Papanggih D. ngomong
B.
Nempoeun É. bébéja
C.
Nyarita
13. Kecap rundayan dirarangkenan ka-an nu hartina teu dihaja, aya dina
kalimah ….
A.
Mang Junéd Kacilakaan di
Jalan cagak
B.
Basa balik ti sakola, Dadan kahujanan
di jalan
C.
Kang Ubun teh kabuktian
henteu salah
D.
Balik ti Pangandaran téh kapeutingan
da macét di jalan
E.
Kuring kabeuneran panggih
jeung manehna di pengkolan
14. Tulisan ngeunaan kahirupan saurang jalma, disebutna ….
A.
Géografi D. léksikografi
B.
Monografi É.
paleografi
C.
Biografi
15. Ieu di handap anu henteu kaasup kana wanda jeung sipat riwayat
hirup, nyaeta ….
A.
Otobiografi D. Unauthoried
Biography
B.
Biografi É. électic
Biography
C.
Authoried Biography
16. Ieu di handap hal-hal anu ilaharna teu kaasup kana eusi biografi,
nyaéta ….
A.
Ngraran, tempat, titimangsa lahir,
jeung kulawarga
B.
Cita-cita jeung pangalaman atikan
C.
Kakayaan jeung harta banda nu
dipiboga
D.
Pangalaman gawé jeung organisasi
E.
Prestasi nu kungsi kacangking
17. Lentong kalimah anu salah sahiji engangna dikedalkeun luhur handap
tur panjang pondok , disebut aksen ….
A.
Tonis D.
lokatif
B.
Dinamis É.
situsional
C.
Témporal
18. Ieu di handap anu teu kaasup kana jasa-jasa Raden Déwi Sartika, nyaéta
….
A.
Ngadegkeung “Sakola Kutamaan istri”
B.
Milu bajuang ngalawan pangjajah
Walanda
C.
Nyusun buku ngeunaan kalungguhan
wanoja Sunda
D.
Ngasongkeun pamadeugan yén adat
istiadat féodal teh bisa dirobah
E.
Ngabéla hak jeung kalungguhan wanoja
Sunda
19. Carita panjang anu didangding tur digelarkeun dina puisi pupuh disebut
….
A.
Beluk D.
carita pantin
B.
Wawacan É.
hikayat
C.
Guguritan
20. Anu ngabédakeun wawacan jeung guguritan, nyaeta ….
A.
Guru gatra jeung watek pupuh D. palaku carita katut
watekna
B.
Panjang karangan jeung wanda pupuh É. latar jeung situasi eusi karangan
C.
Struktur carita jeung motif carita
21. Pupuh anu mindeng di paké dina wawacan, kaasup Sekar Ageung, nyaéta
….
A.
Kinanti, Sinom, Asamarandana,
Dangdanggula
B.
Kinanti, Sinom, Maskumambang, Durma
C.
Kinanti, Mijil, Pucung, Wirangrong
D.
Kinanti, Sinom, Asmarandana, Durma
E.
Kinanti, Asmarandana, Magatru,
Pucung
22. Dina wawacan téh digunakeun rupa-rupa pupuh pikeung ngagambarkeun
rupa-rupa ….
A.
Palaku D.
gayabasa
B.
Anamat carita É. galur carita
C.
Situasi (kaayaan)
23. Minangka karangan panjang dina wangun pupuh, wawacan teh sok
dihaleuangkeun. Ngahaleuangkeun wawacan teh disebutna ….
A.
Mantun D.
beluk
B.
Nembang É.
nadoman
C.
Ngawih
24. Ieu di handap unsur-unsur prosa fiksi anu aya dina wawacan anu
mangrupa carita, iwal ….
A.
Téma D.
amanat
B.
Palaku É.
wirahma
C.
Galur
25. Ieu di handap henteu kaasup kana kecap nu dirarangken an tengah,
nyaéta ….
A.
Kumecrot D.
balageur
B.
Tinangtu É.
daratang
C.
Karancang
26. Ieu di handap henteu kaasup kana kecap nu dirarangkenan tengah
–al-, nyaéta ….
A.
Balantik D.
baleunghar
B.
Lalucu É.
lalulus
C.
Lalogor
27. Ieu di handap anu henteu kaasup kana gaya biantara, nyaéta lagam ….
A.
religius D. akurasi
B.
agiator É. didaktik
C.
konvérsasi
28. Pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, katitén tina ngaran ….
A.
patempatan D. inuman
B.
jalma É.
kaulinan
C.
kadaharan
29. Paribasa caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket
ngandung harti ….
A.
kudu maké papakéan anu alus tur
rapih
B.
saged atawa siap nyanghareupan
pagawéan
C.
kudu maké papakéan has atawa
tradisional Sunda
D.
kudu maké baju anu aya kancingan,
ulah ku séléting
E.
kudu maké baju jeung calana pangsi
katut iket
30. Paribasa anu hartina”Mikahayang anu pamohalan bisa laksana” nyaéta
….
A.
adat kakurung ku iga D.
hampang birit
B.
anjing ngagogokan kalong É. panjang
leungeun
C.
gindi pikir belang bayah
31. Rarakitan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nyaéta kecap
mimiti dina jajaran ….
A.
ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang
sarua
B.
ka-2 cangkang sarua jeung jajaran
ka-3 eusi
C.
ka-1 cangkang sarua jeung jajaran
ka-4 eusi
D.
ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi sarua
E.
ka-1 cangkang sarua jeung jajaran
ka-3 eusi
32. Paparikan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nyaéta padeukeutna
sora dina jajaran ….
A.
ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang D. ka-2 jeung jajaran ka-3
B.
ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi É. ka-1 jeung jajaran
ka-3
C.
ka-1 jeung jajaran ka-3, ka-2 jeung
ka-4
33. Dumasar kana sipatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu
rupa, nyaéta ….
A.
paparikan, rarakitan, wawangsalan D. wawangsalan, tatarucingan,
paparikan
B.
piwuruk, sésébréd, silihasih É. tatarucingan,
wawangsalan, rarakitan
C.
cangkang, eusi, wangsal
34. Téks :
Mawa peti dina sundung,
dibawa ka Nusa Jawa.
Pangarti teu beurat nanggung,
kabisa teu beurat mawa.
Sisindiran di luhur kaasup kana wanda ….
A.
wawangsalan D. paparikan
B.
tatarucingan É. rarakitan
C.
teteguhan
35. Bibika tipung tarigu,
ku engkang
henteu kaharti.
Wangsalna ….
A.
kungkang D. kaharti
B.
bibika É.
roti
C.
tipung
36. Téks :
Batur mah maké calana,
……………..
Batur mah ,jelema kaya
kuring mah sangsara waé.
Ungkara anu merenah keur ngeusian
jajaran kadua, nyaéta ….
A.
kuring mah dicalana D. kuring
mah kabaya waé
B.
kuring mah dibaju waé É. wakilna
mah saha waé
C.
banda Aceh Cimarémé
37. Kalimah ieu di handap anu ngandung kecap rajékan dwiréka, nyaéta ….
A.
Hayam jago keur papacok deukeut
wadah runtah
B.
Dangdaunan aroyag katebak angin
C.
Buah di pipir imah plak-plik-pluk
ragragan
D.
Manéhna poé kamari bulak-balik
Bandung-Jakarta
E.
Guru-guru karumpul di lapang Gasibu
38. Wangsalna “simeut”, ari cangkangna nyaéta ….
A.
Teu beunang dihurang sawah, teu
beunang dipikameumeut
B.
Teu beunang disupa dulang, teu
beunang dibébénjokeun
C.
Teu beunang dirangkong kolong, teu
beunang dipikahayang
D.
Kembang bodas buah bunder, ngaheruk
nya pipikiran
E.
Maung tutul saba kasur, diri teu
ngareunag cicing
39. Melak bawang henteu jadi
Katindihan tangkal kaso
Mun engkang cinta ka abdi
Pasihan keur mésér baso.
Wangun ugeran éta kaasup conto ….
A.
wawangsalan D. paparikan
B.
rarakitan É. wawangsalan
C.
bangbalikan
40. Panumbu catur dina debat téh jalma anu boga wewenang pikeun ….
A.
ngatur lumangsungna debat ti mimiti
nepi ka réngsé
B.
milih alus henteuna kelompok nu
debat
C.
meunteun kelompok anu alus dina
debat
D.
nuliskeun kacindekan tina debat
E.
mihak ka salasahiji kelompok
pangjejer debat
41. Ieu di handap sawatara pancén pangjejer dina debat, nyaéta ….
A.
nepikeun pamadegan ngeunaan pasualan
nu didebatkeun
B.
némpas atawa mairan pamadegan ti
pangjejer séjén nu teu sapaham
C.
ngagugu kana aturan anu ditepikeun
ku panumbu catur
D.
ngatur lancar henteuna debat ti
mimiti nepi ka réngsé
E.
ngajejeléh panumbu catur jeung
kelompok pangjejer séjén
42. Jalma anu pancénna nyatet intisari tina eusi pedaran diskusi,
disebutna …..
A.
panumbu catur D. girang serat
B.
pangjejer É. pamilon
C.
panata acara
43. Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri carpon, nyaéta ….
A.
wangun karanganana pondok D. eusina kaharti akal
atawa réalistis
B.
sifat caritana naratif jeung fiktif É. biasana nyaritakeun
hiji kajadian
C.
palaku caritana kaitung réa
44. Anu henteu kaasup kana unsur-unsur carita dina carpon, nyaéta ….
A.
téma D.
latar
B.
rasa É.
galur
C.
palaku
45. Carpon kaasup kana wangun naratif atawa prosa. Unsur-unsur anu
patali jeung eusi karya sastra jeung kamekaran jaman, disebut unsur …..
A.
intrinsik D. deskriptif
B.
kompetitif É. Éktrinsik
C.
kritik
II. Jawab ogé garap
soal-soal uréyan di handap ieu ku tulisan anu jelas, nyorang kana kekecrak
kaidah basa Sunda anu hadé.
1. Sebutkeun
struktur warta !
2. Naon
waé padika nulis warta téh ?
3. Sebutkeun
ciri-ciri karya sastra nu disebut novel !
4. Naon
sasaruan jeung bédana antara biografi jeung otobiografi ?
5. Béré
masing-masing conto rarakitan jeung paparikan ?