Mantra

Dina hiji waktu hidep kungsi ngabandungan barudak keur arulin di buruan. Hég aya salahsahiji budak nu labuh. Tuluy éta suku budak téh diusapan ku kolotna bari jajampéan. Kieu geura pokpokan jampéna téh:
Jampé-jampé harupat
Geura gedé geura lumpat
Tuh bangkongna luncat
Sing jagjag tur waringkas

Jampé Ngarah Calakan
Bismillah
Otak éncér lir paser jamparing
Panon seukeut lir panon heulang
Haté ngagebray caang lir srangéngé
Biwir matuh saciduh metu saucap nyata
Bray paningal pinuh ninditu ka awaking

Jampé Budak Harééng
Jampé-jampé kararas
Geura gedé geura waras
Hirup ka gustina
Waras ku Allahna
Rep sirep
Tiis peuting
Genah ti beurang

Jampé Raheut/Kakeureut atawa Kakadék
Bismillahirrahmananirrahiim
Prot putih sangkana jadi
Ciduh aing nu teu matak metu
Kasurung ku daging jadi
Pet rapet ku kersaning Allah

Jampé Néangan Rejeki
Brul kebul ngajadi
Nu nyangkérok di balong
Nu ngagéboy di ulekan
Sang Ratu émut putih
Mangka kumpul sing ngajadi bibit
Kun fayakun

Jampé Indit-inditan
Bismillahirrahmananirrahim
Aki karonyok kosong
Nini karonyok kosong
Pangosongkeun jalan aing
Weuh weuh weuh

Rajah Bubuka Carita Pantun Lutung Kasarung
Bul ngukus mendung ka manggung,
Ka manggung neda papayung,
Ka dewata neda suka,
Ka pohaci neda suci,
Kuring rek diajar ngidung,

Nya ngidung carita pantun,
Ngahudang carita wayang,
Nyilokakeun nyukcruk laku,
Nyukcruk laku nu bahayu,
Mapay lengkah nu baheula.

Singlar ka Musuh
Curulung cai ti manggung
barabat ti awang-awang
cai tiis tanpa bisi
mun deuk nyatru ka si itu
mun deuk hala ka si eta
anaking palias teuing.

Asihan Si Burung Pundung
Asihan aing si burung pundung
maung pundung datang amum
badak galak datang depa
orak laki datang numpi
burung pundung burung cidra ku karunya
malik welas malik asih ka awaking

Rajah Citra Kasunyian
Hong citra kasunyian
hong citra kasundulan
jleg bumi
jleg manusa
jleg setan
manusa wisesa
setan sampurna
sampurna kersaning Alloh
ashadu alla ilaha illalloh
waashadu anna Muhammadar Rasululloh.

Ajian Kabedasan
Dampal suku ngabatu datar
bitis ngabatu wilis
nyurup ka badana
nyurup ka sungsumna
getih sabadan
bedas ngala ka aki

Jangjawokan Kasaktian/Kakuatan
Sima
Sima aing sima maung
Sima kula sima jelema
Dungkuk aing sagedé gunung
Awak aing sagedé jaksa

Tangtung aing madep ka langit
Saur aing madep ka langit
Saur aing sabda gugur
Kereteg taya beunangna
Sora aing sabda gelap
Tur gumentur tar gumentar

Jangjawokan Paranti Dipupur
Pupur aing pupur panyambur
panyambur panyangkir rupa
nyalin rupa ti Dewata
nyalin sari widadari
nya tarang téja mentrangan
nya halis katumbirian
nya irung kuwung-kuwungan
dideuleu ti hareup sieup
disawang ti tukang lenjang
ditilik ti gigir lengik
mangka welang mangka asih ka nu dipupur
ditenjo ku saider kabéh

0 komentar: