Aksara Sunda téh sok disebut ogé aksara kaganga.Tata tulis éta aksara téh dimodifikasi tina aksaraaksara kuno nu kapanggih dina naskah jeung prasasti. Kiwari aksara kaganga téh digunakeun keur rupa-rupa kaperluan, antarana baé digunakeun pikeun plang ngaran jalan, plang ngaran instansi pamaréntahan, plang di tempat-tempat wisata, jeung sajabana. Di SD hidep ogé saenyana geus diajar aksara Sunda. Dina pangajaran ayeuna hidep bakal diwanohkeun deui kumaha cara nuliskeun aksara Sunda, maca téks dina aksara Sunda, jeung ngagunakeun aksara Sunda keur rupa-rupa kaperluan.
A. Nuliskeun Aksara Sunda
Ngarah leuwih apal, urang titénan heula kumaha cara nuliskeun aksara Sunda. Aksara Sunda téh ngawengku aksara ngalagena, aksara swara, rarangkén, jeung angka.
Kumaha nulisna, titénan tabél-tabél ieu di handap!
1. Aksara Ngalagéna
Aksara ngalagéna téh bisa dipapandékeun kana konsonan mun dina abjad Latén mah. Ngan baé dina aksara Sunda mah diémbohan ku sora /a/. Contona konsonan /k/ jadi /ka/. Ari susunan abjadna dimimitian ku ka-ga-nga.Nya ti dinya aksara Sunda sok disebut aksara Kaganga.
Titénan susunanana!
0 komentar:
Posting Komentar