Tugas Kelas XI
Upama nilik kana pungsina, mantra bisa dibagi jadi genep wanda atawa jenis, nya éta (1) jangjawokan, (2) asihan, (3) jampe, (4) ajian, (5) singlar, dan (6) rajah.
Jangjawokan dipapatkeun upama rék milampah hiji pagawéan, anu dipalar sangkan kahontal hasilna, tur anu ngalampahkeunana aya dina karahayuan, upamana di mana rék turun, leumpang, diuk, nangtung,midang, nganjang, masamoan, keupat, seuri, ngadeuleu, nyiuk béas, ngisikan, dahar, nginum, nyeupah, jsté. Pohara lobana jangjawokan anu patali jeung tatanén, ti mimiti macul, tebar, tandur, dibuat, ngakut paré, ngelep paré di leuit, nepi ka nutup panto leuit. Beunang disebutkeun yén jalma-jalma baheula anu palercaya mah teu tinggal ti jangjawokan.
Asihan dipapatkeun pikeun ngawasa sukma nu lian, anu dipikacinta, sangkan bogoheun jeung sangkan anu mapatkeun éta asihan pinunjul kakasépanana atawa kageulisanana, nepi ka saréréa padaasih, padanyaah, padaresep, upamana awéwé ku lalaki atawa lalaki ku awéwé, ku atasan, atawa ku dunungan.
Jampé biasana dipapatkeun pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kasakit, kanyeri, kacilakaan, sangkan cageur. Upamana baé lamun kabeureuyan, dicoco kala, katerap kasakit puru rawit, jéngkoleun. Teu pati réa nyebut-nyebut lelembut. Ajian anu dipapatkeun pikeun ngadatangkeun kakuatan, kabedasan, meunang karahayuan jiwa, raga jeung pakaya, gedé kawani, ludeungan, henteu keuna ku rupa-rupa balai jeung wisaya, bedas, awét ngora. Tapi aya ogé anu sok dipaké pikeun maksud nandasa anu lian, nya éta ajianajian anu sok diparuhit ku tukang teluh.
Singlar dipapatkeun pikeun nyinglar atawa nyingkahkeun hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman-siluman jeung sajabana, nyinglar jurig, kuntilanak, lelembut, anu sakirana sok ngagangu ka manusa. Kitu deui sok dipaké nyinglar sasatoan, sato leuweung, hama, musuh, subaya ti nu lian, guludug, jeung hujan angin, dina ngariksa kebon, pepelakan, jeung kasalametan diri. Kebon sangkan henteu kaasupan ku sasatoan, pepelakan sangkan henteu diranjah ku sato leuweung, paré sangkan henteu ayeuh ku hujan angin. Paraji dina méméh prak marajian téh nyinglar heula kuntianak katut lelembut anu jahat lianna, kitu deui anu rék ngaduruk pihumaeun nyinglar heula lelembut anu aya di dinya. Waktu rék saré mapatkeun heula singlar, pikeun nolak bisi aya subaya nalika urang keur saré. Singlar téh dipakéna geusan meunang karahayuan, jadi pikeun tujuan-tujuan anu hadé. Rajah biasana dipapatkeun pikeun kasalametan, henteu kakeunaan ku hal-hal anu teu dipikahayang. Baheula mah rajah sok dipaké paranti ari ngambah tempat nu sanget, rék muka pihumaeun, nyieun babakan, rék nyicingan hiji tempat, rék migawé kai pibahaneun, nalukkeun silumansiluman, nulak gawé anu jail, paranti ari ngaruat, paranti ari caah atawa hujan, paranti pamunah impian goréng, dijauhkeun tina gangguan ruparupa
dedemit jeung siluman. Kabéh maksudna mah geusan ngadatangkeun karahayuan baé.
Pancén 5
Pancén hidep jeung babaturan sakelompok ayeuna nya éta ngadingkeun naon bédana
0 komentar:
Posting Komentar