Allahu Akbar Allahu Akbar Allahu Akbar.
Jamaah anu mulya !
Lir
beusi dibeuleum puhuna, sumarambah panas kana sagemlengna, sarerea pada ngarasa
haneut jeung panas. Lir gunung disiram ku hujan, mawa rata ka lebak, matak lita
anu legok, matak saeur tanah rendah.
Allahu Akbar Alláhu Akbar
Allahu Akbar.
Dina waktu lebaran saperti ayeuna, boh rayagung atawa
puasa, umat Islam teu meunang bungah sosoranganan, tapi kudu bareng silih
deudeul, silih payang, silih panggul, ulah poho ka si leutik, ulah ngantep ka
si miskin buktina diayakeun zakat fithrah jeung Qurban. Seeng
ulah nyengsreng wawarehan, hawu ulah melenghir sosoranganan, tapi kudu rata
siga beusi dibeuleum, siga gunung kahujanan, siga tihang dibantu ku siku-siku,
pangeret palang dada jeung dalurung. Teu saeutik anu kuat ngadegkeun puluhan
imah, modalna aya jutana, tapi loba anu teu kuat indit ka Makkah, lain kurang
pakeun, tapi kurang keyeng.
Pangandika Rasulullah
saw.
مَنْ
لَمْ يَمْنَعْهُ عَنْ الْحَجِّ حَاجَةٌ ظَاهِرَةٌ أَوْ سُلْطَانٌ جَائِرٌ أَوْ
مَرَضٌ حَابِسٌ فَمَاتَ وَلَمْ يَحُجَّ فَلْيَمُتْ إِنْ شَاءَ يَهُودِيًّا وَإِنْ
شَاءَ نَصْرَانِيًّا
Singsaha
anu teu kahalangan ku hiji kaperluan anu nyata, atawa ku panyakit nepi ka teu
bisa indit, atawa ku raja nu aniaya, te- rus manehna teu daek hajji, manehna
teu halangan maotna, lamun Allah marengkeun maot jadi Yahudi, atawa insya Allah
maot jadi nasrani". (H.R. al-Baihaqi)
Salian ti panggeuing jeung ancaman ka anu mampuh, anu
teu daek munggah hajji, nyaeta ngorbankeun hartana, tanagana, kacapena, panas
nongtorengna, olok tombokna, hese capena, dina eta Hadits
mere isyarat ka umat Islam anu mangkuk di lembur,
atawa anu teu kuat indit ka Mekah, anu teu milu papanasan, supaya daek milu bungah,
solider, milu ngabubungah, ku jalan ngaluarkeun Qurban., Malah anu teu kuat
kana qurban teu kuat ngorbankeun domba, atuh ari sidekah mah ulah tinggaleun.
Ku ieu katerangan, tetela dina suka bungah teh, kudu
silih sukakeun deuih, kudu talang-tulung, sabab kalakuan kitu teh, mageuhan
raketna ukhuwwah, sarta ngaweuteuhan tali kacintaan tur jadi poko kaamanan.
Dina lebah 'ibadahna, wajib ditadabbur sangkan jadi
panyangling kana ati, jadi panglesu kana kalbu, nyaeta nuduhkeun yen hirup kudu
guna. Sarta eta kagungan hirup teh kudu dibuktikeun najan ku jalan
ngaleupaskeun nafas anu panutup.
Lamun para Nabi sanggup ngorbankeun nyawana, malah
sato domba, munding, sapi, onta sanggup ngorbankeun nyawana, naha ari urang?
Tujuan hirup sato anu kasebut bieu, nyaeta sangkan
jadi bahan dahareun, sarta montok begangna, gajih jeung henteuna, jadi ukuran
pikeun ngukur hargana.
Manusa
teu diarah dagingna, teu berharga gajih awakna, teu diharep kuku jeung
tulangna, atuh naon tujuan hirupna ?
Tujuan hirup manusa nyaeta jadi hamba Allah,
ngorbankeun sagala anu dipiboga ku dirina.
Lamun ditakdirkeun kudu ditebus ku pati, lain
ngorbankeun daging atawa tulang, tapi ngorbankeun dipake nebus kasalametan
kahormatan, kalungguhan, kaagungan sarerea, make jalan anu dipikarido ku Alláh,
Fi sabilillah.
Allahu Akbar Allahu Akbar
Allahu Akbar.
Zaid bin Arqam nerangkeun yen anjeunna kantos tumaros
ka Rasulullah tina hal qurban, dawuh Rasulullah :
سنة
ابيكم ابراهيم
Qurban teh sunat, perjalanan, kalakuan anu dicontokeun
ku bapa maraneh Ibrahim".
Naon ari pangorbanan
Kangjeng Nabi Ibrahim?
1) Pangorbanan
anjeunna diusir ku ramana, ku rajana teu meu- nang aya di nagarana, pedah
anjeunna amar ma'ruf nahyi munkar, ngagempur sakabeh tapekong nu aya di eta
nagara. Qurban kayakinan.
2) Kudu
ninggalkeun garwana jeung putrana, tengah lautan keusik nu teu aya cai-cai
acan, anu hasil tina pangorbanan anjeunna, ayeuna jadi kota Mekah. Qurban
parentahan.
3) Kudu
meuncit putrana (anu harita kakara hiji-hijina) anu dipikacinta, dipikanyaah,
dipikadeudeuh. Qurban kacintaan.
Pangorbanan garwana, Siti Hajar.
1) Di
tinggalkeun ku caroge nyorangan kadua orok di tengah lautan keusik, tapi teu
mubadir eta pangorbanan, ayeuna jadi salasahiji rukun hajji nyaeta tawaf sareng
sa'i. Qurban tha'at ka caroge.
2) Putra anjeunna, batur keueung anjeunna, bade dipeuncit ku ramana, padahal anu dipikacinta ku anjeunna. Qurban tha'at ka Allah.
Pangorbanan putrana Kangjeng Nabi Isma'il.
1) Qurban
dahaga ayeuna jadi sumur zamzam anu teu saat-saat nepi ka akhir zaman teu
mubadir. Qurban tha'at ka Alláh, tha'at ka ibu-rama
2) Bade
dipeuncit ku ramana, lantaran parentah Allah anjeunna ridla dipeuncit. Tapi
hasil pangorbanan anjeunna, jadi qurban ku domba, sapi, munding, onta. Ku
pangorbanan anjeunna jadi sadunya walatra rahmat Allah ka kaum faqir miskin,
lebaran sadunya, nepi ka akhir zaman.
Allahu Akbar Allahu Akbar
Alláhu Akbar.
Dina dinten ieu aya sidekah sakuliah dunya, sarta teu
aya anu sidekah sakuliah dunya anging urang Islam. Ari pusatna di Mekkah, ieu
teh hasil pangorbanan K. Nabi Ibrahim sareng K. Nabi Ismail, nu ngaranna
qurban.
Dina
dinten ieu aya mu'tamar sadunya anu diluuhan ku saluruh umat Islam sadunya ti
dinten kamari dugi ka 13 Rayagung.
Ieu teh hasil pangorbanan Siti Hajar istri K. Nabi
Ibrahim as anu disebat munggah hajji.
Ku pangorbanan K. Nabi Muhammad saw sareng para
shahabatna, Islam nyebar ka sakuliah dunya.
Ku pangorbanan ibu nu menderita kanyeri kapeurih,
tiasa lahir orok nu bakal neruskeun kakirangan generasi anyar.
Ku pangorbanan guru-guru nu ngorbankeun tanaga fikiran
sareng ilmuna, di dunya nyebar para ahli nu palinter.
Umat Islam Indonesia anu ayeuna kudu daek ngorbankeun
hartana tanagana, fikiranana, jiwana, pikeun nanjeurkeun Agama Islam nu rek
dilindih ku Agama sejen. Sangkan Islam terus sumebar di Indonesia jadi rahmat
ka sakabeh alam.
Ringkesna tiap pangorbanan moal mubadir, tapi tangtu bakal
kapetik hasilna kaala buahna karaos amis pelemna boh ku salirana, masyarakatna
jeung nagarana malah ku dunya.
.png)





