Senin, Oktober 31, 2016

Aksara Sunda

Aksara Sunda téh sok disebut ogé aksara kaganga.Tata tulis éta aksara téh dimodifikasi tina aksaraaksara kuno nu kapanggih dina naskah jeung prasasti. Kiwari aksara kaganga téh digunakeun keur rupa-rupa kaperluan, antarana baé digunakeun pikeun plang ngaran jalan, plang ngaran instansi pamaréntahan, plang di tempat-tempat wisata, jeung sajabana. Di SD hidep ogé saenyana geus diajar aksara Sunda. Dina pangajaran ayeuna hidep bakal diwanohkeun deui kumaha cara nuliskeun aksara Sunda, maca téks dina aksara Sunda, jeung ngagunakeun aksara Sunda keur rupa-rupa kaperluan.
A. Nuliskeun Aksara Sunda
Ngarah leuwih apal, urang titénan heula kumaha cara nuliskeun aksara Sunda. Aksara Sunda téh ngawengku aksara ngalagena, aksara swara, rarangkén, jeung angka.
Kumaha nulisna, titénan tabél-tabél ieu di handap!
1. Aksara Ngalagéna
Aksara ngalagéna téh bisa dipapandékeun kana konsonan mun dina abjad Latén mah. Ngan baé dina aksara Sunda mah diémbohan ku sora /a/. Contona konsonan /k/ jadi /ka/. Ari susunan abjadna dimimitian ku ka-ga-nga.Nya ti dinya aksara Sunda sok disebut aksara Kaganga.
Titénan susunanana!





Ngabandingkeun Papasingan Mantra

Tugas Kelas XI
Upama nilik kana pungsina, mantra bisa dibagi jadi genep wanda atawa jenis, nya éta (1) jangjawokan, (2) asihan, (3) jampe, (4) ajian, (5) singlar, dan (6) rajah.
Jangjawokan dipapatkeun upama rék milampah hiji pagawéan, anu dipalar sangkan kahontal hasilna, tur anu ngalampahkeunana aya dina karahayuan, upamana di mana rék turun, leumpang, diuk, nangtung,midang, nganjang, masamoan, keupat, seuri, ngadeuleu, nyiuk béas, ngisikan, dahar, nginum, nyeupah, jsté. Pohara lobana jangjawokan anu patali jeung tatanén, ti mimiti macul, tebar, tandur, dibuat, ngakut paré, ngelep paré di leuit, nepi ka nutup panto leuit. Beunang disebutkeun yén jalma-jalma baheula anu palercaya mah teu tinggal ti jangjawokan.
Asihan dipapatkeun pikeun ngawasa sukma nu lian, anu dipikacinta, sangkan bogoheun jeung sangkan anu mapatkeun éta asihan pinunjul kakasépanana atawa kageulisanana, nepi ka saréréa padaasih, padanyaah, padaresep, upamana awéwé ku lalaki atawa lalaki ku awéwé, ku atasan, atawa ku dunungan.
Jampé biasana dipapatkeun pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kasakit, kanyeri, kacilakaan, sangkan cageur. Upamana baé lamun kabeureuyan, dicoco kala, katerap kasakit puru rawit, jéngkoleun. Teu pati réa nyebut-nyebut lelembut. Ajian anu dipapatkeun pikeun ngadatangkeun kakuatan, kabedasan, meunang karahayuan jiwa, raga jeung pakaya, gedé kawani, ludeungan, henteu keuna ku rupa-rupa balai jeung wisaya, bedas, awét ngora. Tapi aya ogé anu sok dipaké pikeun maksud nandasa anu lian, nya éta ajianajian anu sok diparuhit ku tukang teluh.
Singlar dipapatkeun pikeun nyinglar atawa nyingkahkeun hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman-siluman jeung sajabana, nyinglar jurig, kuntilanak, lelembut, anu sakirana sok ngagangu ka manusa. Kitu deui sok dipaké nyinglar sasatoan, sato leuweung, hama, musuh, subaya ti nu lian, guludug, jeung hujan angin, dina ngariksa kebon, pepelakan, jeung kasalametan diri. Kebon sangkan henteu kaasupan ku sasatoan, pepelakan sangkan henteu diranjah ku sato leuweung, paré sangkan henteu ayeuh ku hujan angin. Paraji dina méméh prak marajian téh nyinglar heula kuntianak katut lelembut anu jahat lianna, kitu deui anu rék ngaduruk pihumaeun nyinglar heula lelembut anu aya di dinya. Waktu rék saré mapatkeun heula singlar, pikeun nolak bisi aya subaya nalika urang keur saré. Singlar téh dipakéna geusan meunang karahayuan, jadi pikeun tujuan-tujuan anu hadé. Rajah biasana dipapatkeun pikeun kasalametan, henteu kakeunaan ku hal-hal anu teu dipikahayang. Baheula mah rajah sok dipaké paranti ari ngambah tempat nu sanget, rék muka pihumaeun, nyieun babakan, rék nyicingan hiji tempat, rék migawé kai pibahaneun, nalukkeun silumansiluman, nulak gawé anu jail, paranti ari ngaruat, paranti ari caah atawa hujan, paranti pamunah impian goréng, dijauhkeun tina gangguan ruparupa
dedemit jeung siluman. Kabéh maksudna mah geusan ngadatangkeun karahayuan baé.

Pancén 5
Pancén hidep jeung babaturan sakelompok ayeuna nya éta ngadingkeun naon bédana

Kamis, Oktober 27, 2016

Guru Vs Simpatika

Hari ini guru disibukkan dengan sistem simpatika dengan adanya kode mapel yang pada awalnya lancar-lancar saja asal satu rumpun dengan mapel lain. Dengan masalah ini mudah-mudahan pemerintah mengambil langkah antisifasi sebab masalah ini tidak jauh dari kebijakan pemerintah itu sendiri. kenapa tidak dari dulu atau ada langkah lain untuk menjawab ini. Pada akhirnya mudah-mudahan semangat guru tidak terhalang dengan sistem.
Bagi yang ingin melihat kode mapel bisa di simpatika

Rabu, Oktober 19, 2016

AKSARA SUNDA

Aksara Sunda téh sok disebut ogé aksara kaganga. Tata tulis éta aksara téh dimodifikasi tina aksaraaksara
kuno nu kapanggih dina naskah jeung prasasti. Kiwari aksara kaganga téh digunakeun keur rupa-rupa kaperluan, antarana baé digunakeun pikeun plang ngaran jalan, plang ngaran instansi pamaréntahan,
plang di tempat-tempat wisata, jeung sajabana. Di SD hidep ogé saenyana geus diajar aksara Sunda. Dina
pangajaran ayeuna hidep bakal diwanohkeun deui kumaha cara nuliskeun aksara Sunda, maca téks dina
aksara Sunda, jeung ngagunakeun aksara Sunda keur rupa-rupa kaperluan.

Senin, Oktober 17, 2016

Nganalisis Téks Hasil Tarjamahan

Pek tarjamahkeun kana basa sunda .....

You Mom
You taught me to hold
Tears pouring rain
To always be patient in the trial
Prostration and kneeling on the Lord ...
You couplet formed by prayer
Take care of the crime
Sweep me away by the dust
That will make me fall ...
You are an inspiration in life
Leads to sweep the obstacles
With that build confidence
Patience and care to create ...
You are a hero throughout the ages
Sweat makes science
Crying makes light guide
Dusk making a new spirit ...
You set the clouds
Will not disappear by the moon
Your love is eternal
Until later I had a dream in a grave ...
Where you stand
Place last steps
Share Them all miss the place
And a place to complain ...
You (the mother) there is no indelible
By the swift exposure to sea
By the anger of the earth ground
My heart and will always be an integral ...

Tarjamahan

Tugas ka kelas XII .....
Medar Tarjamahan
Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut alih basa. Prosés narjamahkeun, boh karya ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan papak pisan
jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas senina. Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu "geulis" jeung "satia". Geulis maksudna kaéndahanana kudu bisa kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina rakitan wacana sumber.
Dina périodeu saméméh Perang Dunya II anu réa digarap ku pangarang Sunda téh saduran, lain tarjamahan. Dina saduran mah lain waé "alih basa"-na bébas, tapi karya deungeun téh dipapantes, disusurup jeung kaayaan di urang. Istilah séjén anu sok mindeng digunakeun harita nyaéta salinan atawa nyalin. Dina mangsa saméméhna, nyaéta dina periodeu naskah (manuscript), anu disebut nyalin téh bisa jadi narjamahkeun (bébas), transliterasi atawa transkripsi atawa bener-bener nulad (aksarana, basana teu diganti).
Kagiatan narjamahkeun téh teu kawatesanan ukur pikeun karangan ilmiah wungkul. Tapi méh saban widang paélmuan kungsi ditarjamahkeun karya-karyana. Ku lantaran kitu, majuna paélmuan téh
éstuning ngabelesat pisan.
Diantara karya-karya anu sok diterjemahkeun téh nyaéta karya sastra.
Dina karya sastra, urang baris mikawanoh nu disebut karya tarjamahan. Demi karya tarjamahan téh nyaéta karya nu ngahaja ditarjamahkeun ku nu narjamahkeun sangkan balaréa (masarakat pamaca) bisa maca éta karya. Ari karya nu ditarjamahkeun kana rupa-rupa basa dikasangtukangan ku lantaran éta karya téh dianggap fenomenal atawa karya masterpiece. Lian ti éta, bisa jadi lantaran nu nulis éta karya téh kasinugrahan hadiah nobel sastra. Éta karya masterpiece téh nya tuluy baé ditarjamahkeun kana
rupa-rupa basa, nu tujuanana sangkan ruang lingkup atawa segmentasi nu macana leuwih lega deui. Ngan anu jadi pasualan, aya kalana karya nu ditarjamahkeun téh sanggeus meunang pangajén bet teu luyu jeung
eusi/amanat nu nulisna. Nu matak teu anéh loba nu maca ngarasa kuciwa ku hasil tarjamahanana.
Jadi tukang narjamahkeun téh mémang lain pagawéan nu entengenteng. Sabab ari narjamahkeun téh butuh mikapaham kumaha eusi karya sastra “dima’naan” jadi hiji hal anu ngabogaan sasaruaan ma’na jeung karya aslina. Ku lantaran kitu, pikeun nu narjamahkeun mah kudu enya-enya mikapaham maksud nu nulis éta karya nu ditarjamahkeunana, saméméh dijanggélékkeun dina wangun karya nu geus ditranformasikeun
téa.
Dina tanggal 14 Mei 1860 kungsi medal hiji buku nyaéta Max Havelaar nu dikarang ku Multatuli kalawan J. de Ruyter nu medalkeunana. Ieu buku dikarangna ti mimiti bulan Séptémber tepi ka Oktober 1859 di Brussel, Bélgia. Éta buku téh gelar tina pirang-pirang rasa kuciwa gumulung dina batin Multatuli tepi ka jadi obsési. Novel Max Havelaar téh enas-enasna hayang ngarobah kalakuan para pangagung pribumi anu telenges ka rahayatna, tur ngarobah kawijakan ékonomi Walanda anu nyekék rahayat Hindia Walanda.
Multatuli téh sandiasmana Éduard Douwes Dékker anu lahir di Amsterdam taun 1820. Manéhna kungsi jadi Asistén Résidén Lebak. Salila di Hindia Walanda, Multatuli mindeng kuciwa. Upamana baé, basa salila opat bulan jadi Asistén Residén Lebak, manéhna nyakséni yén Bupati Radén Adipati Karta Negara meres jeung nindes rahayatna. Malah mah éta masalah téh dilaporkeun ka Residén, terus ka Gupernur Jéndral. Tapi ku sabab ngarasa teu diwaro ku dununganana, Douwes Dékker ménta eureun tina pagawéanana. Paméntana dicumponan ku pamaréntah Walanda tanggal 4 April 1856. Taun éta kénéh manéhna mulang ka Walanda. Hirupna di ditu éstu kadungsang-dungsang. Novel Max Havelaar diwengku ku 20 bab, anu salah sahiji babna ngadongéngkeun lalakon Saijah jeung Adinda. Jadi, buku Saija beunang
nyundakeun RTA. Soenarja. Ari anu didongéngkeunana téh pangalaman Saija jeung Ina, dua rumaja nu silih pikaasih tapi kudu papisah. Saija téh anak patani. Kolotna teu kaur boga munding, da sok
dipundut baé ku Wadana Parang Kujang minangka pajeg. Emana maot kanyenyerian. Bapana gé maot deuih di pangbérokan sanggeus nyobanyoba indit ka Bogor nyingkahan nu sok nagih pajeg. Saija dalit jeung Ina ti leuleutik. Basa rék nyiar gawé ka Batawi, Saija nyieun pasini jeung Ina yén upama engké
balik ti Batawi, Saija rék ngawin Ina. Tapi basa balik ka lemburna sanggeus tilu taun digawé di Batawi, Saija teu bisa tepung jeung Ina. Ari sababna, Ina katut adi-adina milu ka bapana ngumbara ka Lampung,
nyingkahan katelengesan Juragan Wadana anu geus ngajabel munding tepi ka Emana Ina maot kanyenyerian. Saija indit ka Lampung, tapi nu kasam-pak ku manéhna, lembur anu dicicingan ku Ina jeung kulawargana téh dihuru ku Walanda. Saija ngamuk, tapi teu walakaya, perlaya ditubles mangpirang
pedang jeung bayonét Walanda. Sumber: sepanjangjk.wordpress Tina galur caritana urang bisa nengetan kumaha gambaran kaayaan di Banten Kidul dina jaman kolonial: rahayat désa dikakaya, dikaniaya,
ditandasa nu pohara ku pamaréntah, akibat tina pulitik jajahan anu telenges taya ras-rasan. Multatuli hayang milu memener nu teu adil. Ku jalan ngadongéngkeun tragedi Saija jeung Ina, manéhna hayang nandeskeun kumaha akibatna pulitik jajahan nu taya ras-rasan téh kana kahirupan rahayat. Lian ti éta, dina Saija téh ngelemeng deuih sumanget rahayat dina enggoning ngalawan kateuadilan. Bawirasa, R.T.A Soenarja titén pisan kana kasang tukang budaya katut kaayaan batin nu maca tarjamahanana. Dina nyundakeun lalakon Saija, manéhna henteu ngan saukur mindahkeun kekecapan tina Max Havelaar, tapi enyaan diluyukeun kana acining batin urang Sunda deuih. Éstuning “disundakeun”. Upamana baé, ngaran Saijah” diganti ku “Saija”, kitu deui ngaran “Adinda” diganti ku “Adina” tepi ka jadi  Ina. Lebah ngagambarkeun Saija tepung jeung Ina nu geus perlaya, gambaranana téh nenggel pisan kana mamaras rasa.
Minangka buku tarjamahan, Saija tangtuna gé ngandung sawatara kosa kecap injeuman tina basa deungeun. Tah, lebah dieu mah RTA Soenarja henteu cara HB Jassin anu narjamahkeun Max Havelaar kana basa Indonesia kalawan gembleng, tur méré katerangan ngeunaan ngaran jalma, kekecapan, atawa ngécéskeun cutatan nu dipaké ku pangarang. Nu sidik, kualitas RTA Soenarja téh kacida alusna.
Éta saperkara narjamahkeun prosa dina winangun novel, tangtu bakal béda deui lamun urang rék narjamahkeun puisi (sajak). Malah aya nu nyebutkeun yén narjamahkeun puisi mah jauh leuwih bangga batan narjamahkeun prosa. Parandéné kitu lebah narjamahkeun puisi mah gedé kamungkinan sarua banggana jeung nulis éta puisi, anu henteu cukup ku modal kamampuh ngagunakeun basa aslina, tapi ogé kudu weruh kana basa katut budaya hasil tarjamahanana. Béh dituna anu narjamahkeun
puisi mah kudu mibanda pangalaman kapenyairan, pangalaman ngaracik kekecapan, pangalaman ngagunakeun métafor, pangalaman ulin jeung imaji, jeung pangalaman ngagunakeun diksi. Upama henteu mibanda pangalaman éta, tinangtu bakal lapur lantaran hasil tarjamahanana baris jadi karya anu taya pulukeunana.
Narjamahkeun prosa kamungkinan itunganana kalimah per kalimah, demi itungan dina puisi mah kecap per kecap, jadi tangtu bakal leuwih banggana. Ku ayana kitu, narjamahkeun puisi ogé kudu pinter jeung seukeut dina milih hiji kecap di antara kecap-kecap séjén anu teu pamohalan hartina sarua.

Nengetan Wirahma dina Mantra

Mantra kaasup kana puisi bébas, teu diatur guru lagu jeung guru wilanganana, jumlah pada atawa padalisan. Ku kituna, wirahmana ogé henteu matok polana. Najan kitu, sok aya sababaraha mantra anu ngudag kana purwakanti (ngudag padeukeutna sora). Jigana keur kaéndahan basa, sangkan ngeunaheun kadéngéna. Geura urang titénan wirahma atawa randegan jeung pola engang dina unggal jajaran aya dina Jampé Ngarah Pinter ieu di handap.



Bandingkeun wirahma nu aya dina mantra “Jampé Ngarah Calakan” jeung nu aya dina mantra“Jampé Budak Harééng” ieu di handap

Terimakasih atas kunjungannya